
Laras : Salendro
Surupan : 1=Tugu
BEBES WIRAHMA
Bapa doblang pada terang
Kumis bapalang nuruban biwir nujeding
Pipi kemong irung mancung
Panon buringas herang
Goreng omongga wang geuweung harung gampung
Pantrang mayar kana hutang
Licik sarta sok curaling
2. Hiji mangsa Bapa Doblang,
Weureu gadung kabebeng jeung gulang guling
Jol nu nagih hutang sarung,
Gancang ngorejat hudang.
Ngambek nyereng bari ngamang-ngamang pentung
Bapa doblang leng ngoleang,labuh nyungkur biwir suwing
TANDAK / PANAMBIH : PUPUH PANGKUR
Gerak : Kering
Euleuh itu Bapa Doblang
Notoroganbo robae kumis baplang
Puas nyorang weureu gadung
Bueteung bebengli eurlan junghu maregung
Matak oge hirup urang
Entong bedang badegong curaling
Bisi kawas Bapa Doblang
Wawalesna tisruksruk jeung suwing
2. Mana kalakuan urang
Kudu bener ulah leuwih ulah kurang
Sabab laku lampah urang
Mawa jalan lara bagja nu disorang
Usik maling beurang peuting
Gusti AllahNuHeman Nu Asih
Ucap lampah hate wening
Ciri jalma utama beresih